Assalamualaaikum
wr.wb.
Puji
sinareng syukur kasanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget
ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay
Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat
diajar tilu taun.
Bapa kalih
Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim
kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong
cumarios ngedalkeun kareteg angan.
Mungguh
ari waktu asa nyeak pisan sajorelak. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca
munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring
saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan
bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten
panineungan. Di ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari
sakapeng sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana
bakal jadi kenangan nu moal kahilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu guru sadayana,
elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca, tangtos bakal
nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping
dididik ku Ibu Bapa guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat.
Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu
caang.
Teu
aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur semu nuhun kana pirang-pirang kasaean
Ibu kalih Bapa guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta
kasaean, anging ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun,
kenging ganjaran nu ageng mangtikel-tikel ti Gusti nu Maha Suci.
Atuh
salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur
kalepatan. Seueur pisan sikep sareng nyuhunkeun di hapunteun tina samudaya
kalepatan kaluluputan. Pamungkas smi kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’s ti
Ibu kalih Bapa guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa
neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di
tingkat nu langkung luhur.
Meser kaos
dimeteran,
Meser sandal
sareng pita,
Abdi mios rek
pamitan,
Rek ngahontal
cita-cita.
Kamari mawa
ragaji,
Ayeuna rek
mawa kisa,
Kamari urang
ngahiji,
Ayeuna urang
papisah.
Rupina sakitu
nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya
kalimah nu teu raos kana manah.
Wabillahi
taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum wr.wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar